Rabu, 19 Agustus 2015

SILIWANGI JEUNG KIAN SANTANG (SERAT: 10)


Khabar : 1
Kuring menta hampura ka sarerea,ayeuna kuring nepikeun nu teu biasa,bangsa nu ku anjeun sok disangka di kuburan ayana,sabenerna kuring leuwih nyaho alam ti heula. Lain ngaliwat kanyaho nu can laksana,lain ngarampa mangsa kahareupna,tapi kuring boga elmuna,nu noong alam engkena.

Rek aya angin gede. Barudak ulah loba ulin ka luar,angina mawa panyakit. Rek aya angin gede pisan. 

Nonggerak?
Kuring nonggerak, hartina kuring aya,katempo,katingali,kaciri sapopoena ku aranjeun. Tapi hanjakal teu dipalire. Wayahna kuring milu icikibung. Da geus wayahna. Geus mangsana. Kuring nyaah ka urang sunda. Nu geus lila tibra. Teu inget kana purwadaksina. Poho kana wiwitanana. Era mawa sundana.

Teu kudu gujrud kuring timana,kuring nyaah ka urang sunda,bangsa nu geus ampir leungit cirina,teu hayang kaciri sundana. Sunda ngan saukur tinggal ngarana,jalmana geus robah pindah wujudna,era ngaku jadi urang sunda. Kuring datang,kuring miang aya maksudna. Jang urang sunda sayaktosna.

Kuring hirup lain keur urang sunda,da bangsa jeung basa urang beda. Ngan ukur ku katalian jangji jeung manehna. Nu kungsi bareng ngalalana. Ngan hanjakal geus euweuh dikieuna. Kuring ngageuing jalma sunda,nu daek dihudangkeun tina tapana. Kuring rek datang,ka jalma-jalma nu alus kasundaanana.

Kuring saparakanca bakal datang,mantuan aranjeun,lain titah muja ka kaula. Ulah nitah ka kaula, atawa hayang nempo kaula. Tuturkeun we caritana, Carita urang sunda, nu ajeg ngaku urang sunda. Ayeuna geus mangsana. 

SILIWANGI JEUNG KIAN SANTANG (SERAT: 9) - BAHASA JIN

Budala wiko wakajabu, reolna samu, majalate nedi, limo minuku. Wati? Mandirene situ. Wendosima, mandakutu mina wadabu. Barok badar. Bentomalaku wakinasuta. Bakawulu mastina biko, wastina maruk bisutana Siliwangi. Sutana Baduga, winggiwisesan Pajajaran.  Mintuna baka, mintuna madui. Madui minggala ramaya naguro manusa. Sutana naguro Sancang sumana kula ambarakuna,  jumbuna bilu panggalipana Santang.
 
Firman Allooh kaum jin,

وَأَنَّا مِنَّا الصَّالِحُونَ وَمِنَّا دُونَ ذَلِكَ كُنَّا طَرَائِقَ قِدَدًا

“Dan sesungguhnya di antara kami ada orang-orang yang saleh dan di antara Kami ada (pula) yang tidak demikian halnya. Adalah kami menempuh jalan yang berbeda-beda.” (QS. Al Jin: 11).

(Teu sakabeh bangsa Jin Ngarti basa manusa (duka tah pami JIN sareng JIL mah hee..hee..hee), kitu deui sabalikna contona jalma nu kasurupan jin sok make basa kuno, ku sabab jin hirupna leuwih lila ti batan bangsa manusa, mung aya oge sabagean bangsa jin/demit nu sarua basana jeung basa sapopoe jalma ditempat eta)

Wallohu alam bishowab...

SILIWANGI JEUNG KIAN SANTANG (SERAT: 8)

Hampura kasadayana nu ku kuring dianggap dulur. Kuring mah jalma bodo,  teu ngarti kana elmu-elmu nu dicaritakeun ku kuring dina postingan saencanana…

Hampura kuring teu nunjukkeun jati diri kuring heula…Sakitu heula ti kuring saparakanca,hampura ka sarerea nu maca…

Sugan kuring dibere keneh mangsa engkena,  jang mawa bukti nu bisa kaciri.  Nu bisa karampa ku panca indra…Ngenaan Karajaan Sunda teh kumaha sabenerna…

Hampura kuring lain kumawani,  kuring ngan nepikeun ngarah teu salah harti.  Ampun paralun lain hayang kapuji, sim kuring ngan gumajak ngoreh nu jadi misteri urang sunda (Kang Dedi Urang Sumedang)

SILIWANGI JEUNG KIAN SANTANG (SERAT: 7) : MAUNG PADJADJARAN

Salah sahiji nyaritakeun zaman harita, aya 3 macan nu dijadikeun ciri:

Macan bodas, ciri elmu-elmu nu ngajurus kana ngubaran. Teu make menyan, sajen, atawa wirid. Ditungtungan ku muntang jeung nyerahkeun diri ka Allah SWT. Elmu nyieun ubar tina dangdaunan,akar jeung sajabana. Ubar panyakit katempo jeung teu katempo. Padjajaran geus ti baheula ngarti jeung nyaho kumaha ngubaran. Teu dicampur ku mistik. Teu ngalanggar akidah..

Macan Hideung, ciri elmu-elmu nu ngajurus kana kadunyaan, ngatur hate jalma, ngahijikeun salaki pamajikan nu pipisahan, ngoprek hate jalma, miceun hate jalma nu kedul, bedegong, harak, jeung sajabana…Sarua teu make sajen, menyan, atawa kudu wiridan atawa puasa… Istuning tina kakuatan diri…

Macan loreng, lodaya, maung loreng, ngajurus kana elmu-elmu heuras, saperti silat pamacan,  sinuwun tilu jeung sajabana, nempo ti kajauhan, ngoet ti kajauhan,  ngarusak jeung ngajaga supaya teu rusak…Teu make menyan, sajen atawa ngawirid jeung puasa. Estuning tina kakuatan diri…Kunaon teu make wirid atawa puasa? Saba eta mah jang ibadah ka Gusti Allah... Teu meunang dipengkolkeun kana tujuan eta. Kunaon teu make menyan atawa sajen? Kusabab lain menta bantuan jin, jeung kudu make aturan muslim.. Dimana ayeuna eta elmu-elmu teh? Di nu tiluan…Teu bisa diteangan, ke oge datang…Datang ka saha? Ka jalma-jalma nu geus ka ukur ka alusan jerona…Akidahna… Nu tiluan dimana? Boa-boa nu sapopoe aya hareupeun anjeun…

Wallahu’alam…

SILIWANGI JEUNG KIAN SANTANG (SERAT: 6) : KIAN SANTANG JEUNG BANGSANA

• Kian Santang, pamingpin ti salah sahiji bangsa jin, hiji nagari nu dipikanyaho ku bangsa Ki Baduga.
Ka iket ku jangji. Jangji sosobatan, lain jangji nu diharamkeun ku Qur'an.  Ulah dibolokotan ku kapercayaan nyimpang.  Nu matak ngarusak kaimanan.  Anggur geura buru teangan,  nu bisa jadi Puntangan.

• Hiji mangsa, salah sahiji nyarita. Kunaon bet bangsa kuring nu kerep disalahkeun? Bangsa kuring jeung anjeun sarua. Boga anak, boga kulawarga. Dahar, nginum, nyeri, gering, bungah, neangan rejeki,maot… Naon bedana jeung aranjeun? Teu pantes ngan ukur disalahkeun,digogoreng, difitnah…

• Kawajiban kuring sarua, ibadah,nu daek ibadah…Ulah ngamulyakeun bangsa kuring, nyembah, atawa ngagantungkeun nasib, nanya mangsa kahareup…da bangsa kuring ge sarua teu nyaho. Mun aya nu mere nyaho ti bangsa kuring (nu jiga tadi disebutkeun), ngan ngabobodo,ulah di denge…Anggur urang babarengan muntang ka Allah SWT.

• Kuring jeung anjeun beda alam, lain goib. Ngan kuring teu eces katingali.  Tapi lain teu bisa panggih. Bangsa kuring jeung anjeun nu bener akidahna moal sagawayah manggihan atawa cumarita,
da teu meunang cuek agama. Saha nu sagawayah? Nyaeta jin atawa manusa nu teu milu aturan agama.

• Umur urang sarua, pondok. Ngan kusabab beda alam kuring jiga hirup leuwih lila.  Keur tapakurankeuneun meureun.  Kuring gancang mun ngalengkah?  Enya mun di alam anjeun. Di alam kuring nya saayana.  Sakali deui kuring menta aranjeun bangsa manusa ulah loba kapengkolkeun kayakinan.  Ulah kabobodo.

• Teu sakabeh bangsa kuring bisa atawa kungsi manggihan bangsa anjeun.  Kitu deui sabalikna.  Saha nu  bisa? Urusan Nu Kawasa.

• Euweuh kadaharan anjeun nu bisa didahar ku kuring.  Kuring cenah dahar tulang?  Atawa kuring dahar manusa hirup da aya tulangan.  Henteu pisan.  Jadi jang naon anjeun mere sajen ka kuring?  Da moal dihakan. Teu bisa.  Nu aya musyrik, doraka paling gede.  Kalah meunang murka.

SILIWANGI JEUNG KIAN SANTANG (SERAT: 5) : PRASASTI BATU TULIS

• Kunaon Prasasti Batu Tulis aya? Sabab dijieun saenggeus Ki Baduga maot. Saenggeus menta sesa Pajajaran dihandeuleumkeun. Surawisesa nu indit ka kulon, lain nu balik ka dayeuh. Jadi saenyana dayeuh teh lain di tempat Batu Tulis. Prak pikiran,,,

• Dia nu marisah ka kaler (kaler di tempat terakhir Raja Pajajaran), darengekeun!!! Dayeuh ku Dia moal kasampak…(Kang Dedi Urang Sumedang)

SILIWANGI JEUNG KIAN SANTANG (SERAT: 4) : PESEN KANU TILUAN

• Aya maksud nu nyulusup dina ati, nepikeun naon nu jadi harti, ngarepkeun ngoreh nu bakal jadi bukti. Sing saha nu geus dijeujeuhkeun ngariksa, sakabeh titinggal nu jadi sesa, kudu geura netepkeun hate bari teu kudu di paksa. Anjeun aya di dunya, pasti aya maksudna, geura ngaca kana hikmahna, ulah nyumput tina kodratna. Kalakay geus paburantak, euweuh harti pabalatak, lain maksud ka alam calutak, tapi sing geura wani nindak.

• Nu niliktik nulungan jalma leutik, loba nyanghareup manusa loba banda, bari kudu nepikeun aturan ti Nu Kawasa. Bari awak loba kasiksa, jadi pamuntangan jelema loba, teu meunang ngarumas nu geus jadi garisna. Anjeun aya jang jalma loba, ngadegkeun akidah titah Nu Kawasa, geura maca geura walaya.

• Budak gede beuteung badag, sakabeh karusakan di udag, ulah nepi korban loba murag.Leumpang di jalan pinuh ku batu, ngasruk alas teu make baju, milu satia nuturkeun waktu. Anjeun aya jang muka mangsa, dikudukeun hirup di lingkung murka. Tapi hate teu meunang kagoda. Geura muka geura ngariksa, lawan murka. (Kang Dedi Urang Sumedang)
 

Babad Padjadjaran • All Rights Reserved